Lompat ke konten Lompat ke sidebar Lompat ke footer

Widget Atas Posting

Si Kijing dianjangan ustad

zaenx-si-kijing-sikijing-ustad
Ilustrasi

Warta Warga



Asa mules asa henteu, Si Kijing semu-horèam leumpang ka jamban, lungsè tapi lain capè. 

Bus asup, muka calana terus digantungkeun...terus muka solèmpak ogè digantungkeun...

Asa mules asa henteu, eusi sirah pinuh ku pikiraneun. Nya hutang amarayah, nya pangabutuh narèmbongan...

Sakilas tapi jelas na èmutan, beungeut pamajikan na katèmbong cèkas popolotot, mènta rèsiko dapur!

Asa mules asa henteu, duka jadi duka henteu, modol na...ngajantreng Si Kijing masih ngadeg nangtung salila-lila...

Hawar-hawar asa aya nu a-assalamu'alikum-an...ditenget-tenget asa suanten na pa ustad. 

Gewat Si Kijing muka panto WC, gura-giru ka hareup muka panto.

"Èh...Pa Ustad, sareng Bu Ustad. Mangga ka lebet!", Ceuk Si Kijing bari somèah...

Pa Ustad raray na geuneuk, siga nu nahan ambek. Bu Ustad tungkul, ditarajang rèbuan tanya na manah na, teu wasa ningali na. (sol)